About Me

Rajah

Astagfirullahal'adziim (40x) Buuuul kukus turun ka Manggung...ka Manggung ka sang Rumuhun, ka Batara ka Batari...ka Batara neda suka ka Batari neda suci kanu Agung neda maaf...

Lain ngusik ulah mandina, lain ngahudang macan turuna.
Lain ngungkit nu kamari, lain ngungkab nu baheula.
Rek ngaguar tutungkusan karuhun.
Amit ampun nya paralun ka Gusti nu Maha Agung,
Ka Nabi anu Linuhung, Muhammad anu di junjung, rahmat syafa'at ka suhun.
Sim kuring neda papayung.
Ka luhur neda papayung, papayung nu Maha Agung
Ka handap neda pangraksa, pangraksa Maha Kawasa
Kaler, Kulon, Kidul, Wetan Mugi diaping di jaring.
Ti luhur ti Karuhun, ti Buyut ti Nini Aki nu nurunkeun kabudayaan
degung, pantun, tembang, kawih ieu abdi sadayana

seja ngaraksa mupusti (2x)

Amit kanu mangku lembur, kanu nyungsi dinu sepi, nu keur genah tumaninah
Bisi ka usik keur calik,
ka langkah kaliliwatan neda agung nya haksami (2x)
Amit nya ngahudang wayangkeun.

Issued by: Eyang Anom Al-Bantani

You can replace this text by going to "Layout" and then "Page Elements" section. Edit " About "

 
Design by Free WordPress Themes | Bloggerized by Lasantha - Premium Blogger Themes | Online Project management